Digitalisasi Pusaka Sunda

Transkripsi Serat Kabar Poesaka Soenda

Sampeorasoen

Poesaka Soenda teh mangrupakeun serat kabar Soenda boehoen anu diterbitkeun koe Pagoejoeban Java Instituut antara tahoen 1922 nepi ka tahoen. Terbit tiloe boelan sakali. Kiwari ieu layang teh geus jadi barang antik. Koe yasana Kang Ganjar, alhamdoelillah, ieu layang kapanggih laratanana.

Koemargi kitoe, koela oemajak ka andika saparakanca ti soeklakna, ti sikloekna, ti sakoeliah doenya, pikeun ngaroemat ieu layang soepaya bisa dimangpaatkeun koe balarea. Carana, hayoe oerang transkripsikeun ieu layang kana wangoenan digital anoe matak merenah toer toemaninah dibaca koe balarea. Oerang transkripsikeun ieu layang koe jalan ketik oelang soepaya bisa dijadikeun bahan pikeun naskah digital.

Tangtoe ieu garapan teh perloe pangrojong ti andika saparakanca. Koe kitoena ka sing saha wae anoe kersa uloebioeng kana ieu hanca, soemangga diantos pisan kasayogianana. Andika bisa ngalayangkeun iber pribadi ka koela, ieu alamat layang elektronik koela: khs579@yahoo.com.

Hatoer Timpah Noehoen,
Ki Hasan

Pitoedoeh Oemoem

Pikeun transkripsi, soepaya mirip jiga aslina, ketik oelang sagemblengna. Maksoedna, aksara jiga “oe”, “tj”, “dj” jeung sajabana, toeliskeun wae jiga aslina.

Ketik naskah sacara sekoeensial, teu koedoe make format sagala. Maksoedna anoe asalna, make kolom, ketikeun sacara bagilir ka handap. jadi teu koedoe make format kolom. Keun oeroesan format mah jaga oepama geus beres ditranskripsi, kakara make format noe ilahar dipake dina naskah digital.

Pikeun ketik oelang goenakeun editor naon wae anoe ilahar sarta bisa diedit oelang, jiga Microsoft Words, Notepad, jeung sabangsana. Kaci oege oepama rek make format HTML. Tapi omat hasilna oelah make format PDF atawa PS.

Rengrengan Transkriptor

Panyadia Bahan: Ganjar Kurnia, ganjark@yahoo.fr, Paris, Perancis
Juru Scan: Rudi Setiawan, pun.adi@gmail.com, Abu Dhabi, UEA
Juru Duum: Ki Hasan, khs579@yahoo.com, Mantin, Malaya

Poesaka Soenda "Dream Team"

  1. Zamhur, azzoman@gmail.com, Jakarta, Indonesia
  2. Iyan, Iyan.Suyanto@infineon.com, Batam, Indonesia
  3. Panzi, dc@sbi.sws.co.jp, Batam, Indonesia
  4. Durahman, durahman@galapharma.com, Jakarta, Indonesia
  5. Irpan Rispandi, mr.rispandi@gmail.com, Jakarta, Indonesia
  6. Ikmal, ikmal@kosmojaya.com, Jakarta, Indonesia
  7. Muhamad Sulkan, sulkanmu@mattel.com, Jakarta, Indonesia
  8. Taso Komiko, taso1009@yahoo.com, Bandung, Indonesia
  9. Eneng, geulis@HotPOP.com, Jakarta, Indonesia
  10. dudi, dudi_ss@yahoo.com, Indonesia
  11. yogie, yopy_yogie@yahoo.com, Indonesia
 
pusakasunda.txt · Last modified: 2008/11/09 17:19 by mssetiadi
 
Recent changes RSS feed Creative Commons License Donate Powered by PHP Valid XHTML 1.0 Valid CSS Driven by DokuWiki